Senin, 02 November 2015

KONSEP CERAMAH BAHASA SUNDA

ﺍَﻟﺴَّﻠَﺎﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﺑَﺮَﻛَﺎﺗُﻪ....
ُ
ﺑِﺴْﻢِ ﺍﻟﻠﻪِ ﺍﻟﺮَّﺣْﻤٰﻦِ ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ
ﺍَﻟْﺤَﻤْﺪُ ﻟِﻠّٰﻪِ ﺍﻟْﻮَﺍﺣِﺪِ ﺍﻟْﻘَﻬَّﺎﺭِ، ﺍَﻟْﻌَﺰِﻳْﺰِ ﺍﻟْﻐَﻔَّﺎﺭِ، ﻣُﻜَﻮِّﺭُ ﺍﻟﻠَّﻴْﻞِ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﻨَّﻬَﺎﺭِ، ﻭَﺗَﺒْﺼِﺮَﺓٌ ﻟِﺄُﻭﻟِﻰ ﺍﻟْﻘُﻠُﻮْﺏِ ﻭَﺍﻟْﺄَﺑْﺼَﺎﺭِ، ﻭَﺗَﺬْﻛِﺮَﺓٌ ﻟِﺄُﻭﻟِﻰ ﺍﻟْﺄَﻟْﺒَﺎﺏِ ﻭَﺍﻟْﺈِﻋْﺘِﺒَﺎﺭِ . ﻭَﺍﻟﺼَّﻠَﺎﺓُ ﻭَﺍﻟﺴَّﻠَﺎﻡُ ﻋَﻠٰﻰ ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ ﺍﻟْﻤُﺨْﺘَﺎﺭِ، ﻭَﻋَﻠٰﻰ ﺁﻟِﻪِ ﻭَﺍَﺻْﺤَﺎﺑِﻪِ ﺍﻟْﺄَﺧْﻴَﺎﺭِ. ﺃَﻣَّﺎ ﺑَﻌْﺪ
ُ
ﻓَﻘَﺪْ ﻗَﺎﻝَ ﺍﻟﻠﻪُ ﺗَﻌَﺎﻟٰﻰ ﻓِﻰ ﺍﻟْﻘُﺮْﺁﻥِ ﺍﻟْﻌَﻈِﻴْﻢِ ﻭَﻫُﻮَ ﺃَﺻْﺪَﻕُ ﺍﻟْﻘَﺎﺋِﻠِﻴْﻦَ ﺃَﻋُﻮْﺫُ ﺑِﺎﻟﻠﻪِ ﻣِﻦَ ﺍﻟﺸَّﻴْﻄَﺎﻥِ ﺍﻟﺮَّﺟِﻴْﻢِ ﺑِﺴْﻢِ ﺍﻟﻠﻪِ ﺍﻟﺮَّﺣْﻤٰﻦِ ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ ﻳَﺎ ﺃَﻳُّﻬَﺎ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮﺍ ﺇِﺫَﺍ ﻗِﻴﻞَ ﻟَﻜُﻢْ ﺗَﻔَﺴَّﺤُﻮﺍ ﻓِﻲ ﺍﻟْﻤَﺠَﺎﻟِﺲِ ﻓَﺎﻓْﺴَﺤُﻮﺍ ﻳَﻔْﺴَﺢِ ﺍﻟﻠﻪُ ﻟَﻜُﻢْ ﻭَﺇِﺫَﺍ ﻗِﻴﻞَ ﺍﻧْﺸُﺰُﻭﺍ ﻓَﺎﻧْﺸُﺰُﻭﺍ ﻳَﺮْﻓَﻊِ ﺍﻟﻠﻪُ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮﺍ ﻣِﻨْﻜُﻢْ ﻭَﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺃُﻭﺗُﻮﺍ ﺍﻟْﻌِﻠْﻢَ ﺩَﺭَﺟَﺎﺕٍ ﻭَﺍﻟﻠﻪُ ﺑِﻤَﺎ ﺗَﻌْﻤَﻠُﻮﻥَ ﺧَﺒِﻴﺮٌ ‏( ﺍﻟﻤﺠﺎﺩﻟﺔ : ١١ ‏)

ﻭَﻗَﺎﻝَ ﺍﻟﻨَّﺒِﻲُّ ﺻَﻠَّﻰ ﺍﻟﻠﻪُ ﻋَﻠَﻴْﻪِ ﻭَﺳَﻠَّﻢَ )) ﻛُﻦْ ﻋَﺎﻟِﻤًﺎ ﺍَﻭْ ﻣُﺘَﻌَﻠِّﻤًﺎ ﺍَﻭْ ﻣُﺴْﺘَﻤِﻌًﺎ ﺍَﻭْ ﻣُﺤِﺒًّﺎ ﻭَﻟَﺎ ﺗَﻜُﻦْ ﺧَﺎﻣِﺴًﺎ ﻓَﺘَﻬْﻠَﻚَ (( ﺗَﺒَﺎﺭُﻛًﺎ ﻓِﻰ ﺍﻟﺪُّﻋَﺎﺀِ .

ﺍﻟﻠﻬﻢ ﺻَﻞِّ ﻭَﺳَﻠِّﻢْ ﻭَﺑَﺎﺭِﻙْ ﻋَﻠَﻴْﻪِ ... ﺁﻣِﻴْﻦ

ﺍَﻟﻠﻬﻢ ﺇِﻧِّﻰ ﺃَﻋُﻮْﺫُ ﺑِﻚَ ﻣِﻦْ ﻋِﻠْﻢٍ ﻟَﺎ ﻳَﻨْﻔَﻊُ ﻭَﻗَﻠْﺐٍ ﻟَﺎ ﻳَﺨْﺸَﻊُ ﻭَﻋَﻤَﻞٍ ﻟَﺎ ﻳُﺮْﻓَﻊُ ﻭَﺩُﻋَﺎﺀٍ ﻟَﺎ ﻳُﺴْﻤَﻊُ ﺑِﺮَﺣْﻤَﺘِﻚَ ﻳَﺎ ﺃَﺭْﺣَﻢَ ﺍﻟﺮَّﺍﺣِﻤِﻴْﻦَ.

Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku hiji jalmi anu do’ifah, salian ti manjatkeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa, Puji didugikeun ka dzat Allah anu Maha Suci, oge Syukur
ka dzat Allah anu Maha Ghofur, nyatana Allah ‘azza wa jalla anu ngagaduhan sifat kasampurnaan jeung bersih tina sifat kakirangan.

ﺍَﻟْﻤُﺘَّﺼِﻒُ ﺑِﻜُﻞِّ ﻛَﻤَﺎﻝٍ ﻭَﺍﻟْﻤُﻨَﺰَّﻩُ ﻋَﻦْ ﻛُﻞِّ ﻧَﻘْﺺٍ

Anu parantos maparin nikmat ka makhlukna anu patut ku urang disyukuran sanes dikufuran. Sakumaha Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:

ﻟَﺌِﻦْ ﺷَﻜَﺮْﺗُﻢْ ﻷﺯِﻳﺪَﻧَّﻜُﻢْ ﻭَﻟَﺌِﻦْ ﻛَﻔَﺮْﺗُﻢْ ﺇِﻥَّ ﻋَﺬَﺍﺑِﻲﻟَﺸَﺪِﻳﺪٌ

Shalawat ﻣﻊ salamna, mudah-mudahan dilimpah curahkeun ka buah manah Siti Aminah penguasa Makkah pembuka syafa’ah, nyatana kengjeng nabi Muhammad saw., sakumaha imam Ibnu Malik nyarioskeun dina baet terakhirna :

ﻓَﺄَﺣْﻤَﺪُ ﺍﻟﻠﻪَ ﻣُﺼَﻠِّﻴًﺎ ﻋَﻠٰﻰ # ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ ﺧَﻴْﺮِ ﺍﻟﻨَّﺒِﻲِّ ﺃُﺭْﺳِﻞَ

Oge henteu hilap ka para kulawargina ka para sohabatna oge ka urang sadayana salaku umatna mudah-mudahan kenging Syafa’atul’udzma ti mantenna.

ﺷَﻴْﺨُﻨَﺎ ﺍﻟْﻤُﻜَﺮَّﻡُ ﻭَﺍﻟْﻤُﻜَﺮَّﻣَﺔُ، ﺍَﻟْﻌَﺎﻟِﻢُ ﺍَﻟْﻌَﻠَّﺎﻣَﺔُ ﺻَﺎﺣِﺐُ ﺍﻟْﻔَﻀِﻴْﻠَﺔِ ﻭَﺍﻟﺴَّﻌَﺎﺩَﺓِ

Pimpinan sareung kasadaya sesepuh... anu ku simabdi dihormati anu mudah-mudahan aya dina rahmat Gusti anu Maha Suci

ﺑَﺎﺭَﻙَ ﺍﻟﻠﻪُ ﻓِﻰ ﻋِﻠْﻤِﻬِﻢْ ﺑَﺎﺭَﻙَ ﺍﻟﻠﻪُ ﻓِﻰ ﺭِﺯْﻗِﻬِﻢْ ﺑَﺎﺭَﻙَﺍﻟﻠﻪُ ﻓِﻰ ﻃُﻮْﻝِ ﺣَﻴَﺎﺗِﻬِﻢْ . ﺁﻣِﻴْﻦَ ﻳَﺎ ﺭَﺏَّ ﺍﻟْﻌَﺎﻟَﻤِﻴْﻦَ

Alhamdulillah kalayan izin Allah swt., di Haflah anu barokah ieu urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara muhadoroh.

Hadirin rahimakumullah...
Dina kitab “Fawa’idulmakiyah” mushonnif Said ‘Alawiy bin Ahmad Asy-Syeghaf, menjelaskan :

ﻟَﺎﺑُﺪَّ ﻟِﻠْﻌَﺒْﺪِ ﻣِﻦْ ﺃَﺭْﺑَﻌَﺔِ ﺃَﺷْﻴَﺎﺀَ : ﺍَﻟْﻌِﻠْﻢِ ﻭَﺍﻟْﻌَﻤَﻞِ ﻭَﺍﻟْﺈِﺧْﻠَﺎﺹِ ﻭَﺍﻟْﺨَﻮْﻑِ

Diwajibkeun ka hiji abid anu hoyong salamet dunia akherat, kudu gaduh 4 perkara ; 1. Ilmu 2. Amal 3. Ikhlas 4. Khauf, nyaeta sieun ku Allah

Coba ku urang tafakkuran, Allah nyiptakeun manusia benten jeung nyiptakeun binatang. Pami binatang mah teu gaduh akal, sedengkeun ari jalmi mah gaduh jiwa, dipasihan akal anu mana eta akal teh kangge nampi pamahaman sareng ilmu ti gusti Allah.

Maka dina hiji katerangan dijelaskeun :

ﺍَﻟْﺈِﻧْﺴَﺎﻥُ ﺣَﻴَﻮَﺍﻥٌ ﻧَﺎﻃِﻖٌ ﺍَﻱْ ﻣُﺪْﺭِﻙُ ﺍﻟْﻌِﻠْﻢِ

Manusia teh nyaeta “ hewan “ anu berfikir, maksudna tiasa mendakan kana ilmu. Margi ari ilmu eta diibaratkeun cahaya anu nyaangan ka urang sadayana. Margi saur rosul :

ﺍَﻟْﻌِﻠْﻢُ ﻧُﻮْﺭٌ

“ari ilmu eta cahaya”

Upami aya jalmi teu gaduheun ilmu eta jalmi lir ibarat jalmi anu lolong. Tah ari jalmi buta mah sagala rupi oge pantes, najong baskom, pantes..! nubruk panto, pantes..! malah ragrag kana jurang oge pantes..! kitu oge jalmi anu bodo eta oge pantes wae ngagebrus kana rupi-rupi jenis dosa jeung pamaksiatan. Benten sareng jalmi anu berilmu anu bakal diangkat darajatna ku gusti Allah.

ﻳَﺮْﻓَﻊِ ﺍﻟﻠﻪُ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮﺍ ﻣِﻨْﻜُﻢْ ﻭَﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺃُﻭﺗُﻮﺍﺍﻟْﻌِﻠْﻢَ ﺩَﺭَﺟَﺎﺕٍ

Hadirin rahimakumullah...
Poin kadua anu kedah dimiliki ku hiji abid nyaeta “amal”. Sabab ilmu moal aya manfaatna pami henteu diamalkeun.

ﻭَﻣَﻦْ ﻟَﻢْ ﻳَﻌْﻤَﻞْ ﺑِﻤَﺎ ﻋَﻠِﻢَ ﻓَﻬُﻮَ ﻣَﺤْﺠُﻮْﺏٌ

Saha wae jalmi anu teu ngamalkeun kana ilmuna, eta pasti kahalangan.

Hadirin rahimakumullah...
Poin katiluna nyaeta ikhlas. Margi hiji abid anu ngarepkeun salamet dunia jeung akherat eta teu cukup ku ilmu jeung amal wungkul, tapi salian ti eta kudu didasari ku kaikhlasan.

ﻓَﻤَﻦْ ﻟَﻢْ ﻳُﺨْﻠِﺺِ ﺍﻟْﻌَﻤَﻞَ ﻓَﻬُﻮَ ﻣَﻐْﺒُﻮْﻝٌ

Saha jalmi anu teu ikhlas dina midamel amalna, eta jalmi anu rugi.

Tapi hadirin sadayana...!
Ilmu, amal sareng ikhlas wungkul mah eta teu nyukupkeun janten jaminan, tapi kedah disampurnakeun ku syarat ka opat nyaeta ”khauf” , nyatana sieun ka Allah. Margi Allah ge parantos ngajelaskeun dina Al-Qur’an :

ﻭَﺃَﻣَّﺎ ﻣَﻦْ ﺧَﺎﻑَ ﻣَﻘَﺎﻡَ ﺭَﺑِّﻪِ ﻭَﻧَﻬَﻰ ﺍﻟﻨَّﻔْﺲَ ﻋَﻦِ ﺍﻟْﻬَﻮٰﻯ ﻓَﺈِﻥَّ ﺍﻟْﺠَﻨَّﺔَ ﻫِﻲَ ﺍﻟْﻤَﺄْﻭٰﻯ

Saha wae jalmi anu bener-bener sieun ka murka Allah, ngajauhan sagala laranganna, nyegah hawa nafsu tina perkara anu dilarang ku Allah, tah eta jalmi bakal ditempatkeun di Surga tempat kasih sayang Allah.

Hadirin rahimakumullah...
Saba’dana urang ngabahas kana opat poin tadi, hayu urang betot hiji natijah, yen pami jalmi hoyong meunang kabahagiaan dunia aakherat, kedah nyukcruk mapai kana 4 perkarana. 1. Ilmu 2. Amal 3. Ikhlas 4. Khauf, nyaeta sieun ku Allah

Mung sakitu wae panginten anu tiasa ku abdi didugikeun. Kirang langkungna nyuhunkeun dijemblongkeun lawang pangapunten nu saageung- ageungna. Ditutup kalayan do’a.

ﺭَﺑَّﻨَﺎ ﺁﺗِﻨَﺎ ﻓِﻰ ﺍﻟﺪُّﻧْﻴَﺎ ﺣَﺴَﻨَﺔً ﻭَﻓِﻰ ﺍﻟْﺂﺧِﺮَﺓِ ﺣَﺴَﻨَﺔً ﻭَﻗِﻨَﺎ ﻋَﺬَﺍﺏَ ﺍﻟﻨَّﺎﺭِ .... ﻭَﺍﻟﺴَّﻠَﺎﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﺑَﺮَﻛَﺎﺗُﻪُ

Disalin dan diketik ulang dari Konsep Tabligh (Muhadoroh)... semoga bermanfaat...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar